Sisindiran; Kumpulan Paparikan Piwuruk
Di handap ieu mangrupa conto-conto Paparikan anu watekna Piwuruk atawa Piwulang tur geus dipikawanoh ku sabagian gedé urang Sunda. Dina harti geus ilahar dipaké dina omongan sapopoé, samalah disakola mah sok diajarkeun. Rada hésé maluruh saha-sahana nu geus nganggitna.
Anapon Paparikan téh mangrupa salahsahiji wangun Sisindiran (ti sagédéngeun Rarakitan jeung Wawangsalan). Paparikan asalna tina kecap “parik” atawa “parek” anu hartina “deukeut” atawa “caket”. Pangna disebut kitu, lantaran dina Paparikan téh aya sora anu padeukeut nyatana antara sora dina cangkang jeung dina eusi.
Ditilik tina wanguna, sapada (sagunduk) Paparikan téh diwangun ku opat padalisan (jajaran). Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang (suku kata/vokal). Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang (sampiran), sedengkeun padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi (isi). Antara cangkang jeung eusi téh teu aya hubungan (harti) nanaon, iwal ku padeukeutna sora téa (murwakanti).
Lianti miwatek Piwuruk, Paparikan ogé aya anu watekna “silihasih” atawa “birahi”, “sésébréd” atawa “banyol” (heureuy), jeung aya deui anu “cawokah” malah “jorang”, sarta aya ogé anu watekna “resmi” atawa “dines” nyaéta anu ilahar dipake pikeun bubuka jeung panutup (pangpangna dina pagelaran jeung dina biantara-biantara).
|
Baju kutud heureut pola Barangbang dahan kalapa Batu angkik mata ali Bobor emas dua réal Daun salasih ngareluk Dimana nya melak paré Hangasa bawa ti gunung Hampelas raraga jati Hayam jago eukeur béla Jiga naon lauk enun Kanikir siki kanikir Ka kulah nyiar kapiting Lauk emas ngakan ganggeng |
Mawa peti dina sundung Méméh ngagelarkeun kasur Nanggap wayang diheulakeun Ngala lauk meunang selar Nimbang paré deukeut pager Ninun boéh pakan muda Papan kiara ditatah Pikasureun dijarumat Pulas batik encit muntah Samping kageutahan dukuh Séréh ti Gunung Koromong Susuru opat ngajajar Tatangga hajat nyunatan |
Categorised as: Rumpaka Sunda
thx artikelnya
ur welcome.
tangkal awi diragaji
dina kaca disisiran
sim abdi ngaraos kataji
pami maca sisindiran
haturnuhun hapunten abdi hoyong nyerat deui dina website abdi.
ieu sae pisan.ku abdi bade diteraskeun supados nu sanes uninga.haturnuhun.salam
wilujeng…, hatur nuhun bingah sareng reueus pisan, hal-hal anu aya patali sareng ki sunda teh tiasa diakses kalayan gampil. jazakumulloh khoeron katsiro…!
nya nyanggaken
kalo sisindiran,x mna eaa
Sisindiran (mirip pantun) Sunda terdiri dari tiga macam: Paparikan, Rarakitan, dan Wawangsalan. Sisindiran berasal dari kata “sindir”, berarti berbicara dengan tidak langsung pada pokok pembicaraannya, melainkan disampirkan pada hal lain. Dalam istilah sastra, sisindiran itu berupa puisi yang dibangun atas baris-baris sampiran dan isi. Sisindiran yang berbentuk Paparikan dan Rarakitan, satu baitnya terbangun dari empat baris (1 dan 2 sampiran, 3 dan 4 isi), sedang Wawangsalan terbanguan dari dua baris (1 sampiran, 2 isi). Setiap barisnya terdiri dari delapan suara vokal atau suku kata.
Nasihat, percintaan, canda, hanya berupa watak atau kandungan isi dari Sisindiran itu saja.
hatur nuhun…
ku ieu paparikan, abdi tiasa ngrjakn tugas b.sunda
Hatur nuhun..
artkelna meuni sae psan….
hebat uy…
si lilik ka bawa caah
balik ach….
yoe’ kang…
Nuhun kang,jadi emut basa alit,sok diwurukan ku akiteh ku paparikan.
hatur nuhun rada sae nya
Ngamumule basa sunda
Sae pisan eta basa
bagus.
BaGuS
bAgUs
aduh ma aja gak ngerti
kan jadi gak pusing
hatur nuhun…
bagus