Di handap ieu mangrupa conto-conto Paparikan (salahsahiji wangun Sisindiran) anu watekna silihasih atawa birahi, eusina loba ngedalkeun sual perasaan, pangpangna dina urusan duriat atawa cinta. Aya rasa kanyaah, kadeudeuh, kaasih, kahéman, kasono, kamelang, kahariwang, kakelar, katugenah, longkéwang, ringrang, tagiwur, kuciwa, hanjelu, keuheul, handeueul, kanyeri, kapeurih, lara, wirang…[Sok tambahan ku sorangan!].
Ieu conto-conto Paparikan téh lolobana geus dipikawanoh ku sabagian gedé urang Sunda; Mindeng dipaké dina kahirupan sapopoé, boh dina paguneman, dina biantara-biantara, dina kawih atawa lagu. Anapon anu dimaksud Paparikan, bisa diilo dina ieu tulisan.
Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
éndahna kabina-bina
Baju hideung kancing tangan
dikaput ku mérang awi
Nu hideung matak teu nangan
sing émut ka diri abdi
Baju soéh tatambalan
kaput gedé jarumatna
Daék sotéh ngawulaan
lamun hadé rumawatna
Baju tablo dibulao
kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
terang-terang geus ku batur
Batu turun keusik naék
kalapa tonggoheunana
Itu purun ieu daék
sarua bogoheunana
Béak daun béak randu
unggal poé dibikeunan
Béak taun béak windu
moal weleh dileukeunan
Boboko ragrag ti imah
ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
ari balik sok leungiteun
Bubuy bulan sangray béntang
panonpoé disasaté
unggal bulan abdi téang
unggal poé ogé hadé
Carulang dipahpal kuda
héjo deui héjo deui
Rék mulang samar kaduga
nénjo deui nénjo deui
Cau ambon dikorangan
kanyéré ka pipir-pipir
Lalaki ambon sorangan
awéwé teu mikir-mikir
Cukleuk leuweung cukleuk lamping
jauh ka sintung kalapa
Lieuk deungeun lieuk lain
jauh ka indung ka bapa
Deungkleung déngdék deungkleung déngdék
buah kopi raranggeuyan
Ingkeun ieu anu déwék
ulah pati diheureuyan
És lilin buatan Bandung
dicandak ka Cipaganti
abdi isin bararingung
sok inggis henteu ngajadi
Itikurih Béntang Sinar
maén di lapang Cicéndo
Nyeri peurih kunu anyar
matak henteu hayang nénjo
Itu saha nungtun munding
digantélan saputangan
Itu saha ginding teuing
singhoréng geuning jungjunan
Jeruk lemo jeruk butun
diteundeun di ruyuk kaso
Tilam sono ka nu ngantun
sampeureun isuk pagéto
Kamana ngaitkeun kincir
ka kalér katojo bulan
Kamana ngaitkeun pikir
moal palér ku sabulan
Kapinis ulah disumpit
tangkal muncang ngarangrangan
Ieu nulis badé pamit
duakeun ti kaanggangan
Karinding palapah kawung
ditiup ku nu paranti
Nu ginding ulah mangpaung
sing émut ka diri abdi
Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
sono patepang di jalan
Kembang goyang jeung érmawar
pacampur jeung kacapiring
Hariwang réa kakelar
tagiwur teu genah cicing
Lampuyang nu cocongoan
bawaeun ka Rajagaluh
Ku hayang nya sosonoan
isuk mah urang pajauh
haturnuhun
haturnuhun
haturnuhun
hatur nuhun
aya bala-bala jieunan Ema
di daharna ku si Lulu
lamun uang jadi jelema
tong gede hulu
Hatur nuhun
Hatur nuhun .
hatur nuhun kangge sisindirana
.. rame ikh macana…
seruu..gokil..jheheheheh
Nuhun A
hatur nuhun
Laun2 kana taktak, lila2 beukok.
menika ngabantos
Tahu tempe
Tos ahh cape
hatur nuhun pisan !!!
sae pisan, urg kdh ngamumule budaya nyalira.
seeplah
sae sae sae