nasrulWeb

Sisindiran; Kumpulan Rarakitan

Rarakitan téh mangrupa salah sahiji wangun Sisindiran. Rarakitan asalna tina kecap “raket” anu méh sawanda jeung kecap “deukeut”; bédana ari raket mah hartina leuwih deukeut atawa dalit. Anapon anu raketna dina ieu hal nyaéta raket sadana atawa sorana antara cangkang (sampiran) jeung eusi (isi).

Wangun Paparikan téh méh sarua jeung Paparikan. Dina sapadana diwangun ku opat padalisan kalawan unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Padalasisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, sedengkeun padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusina. Padalisan kahiji murwakanti jeung padalisan katilu, sarta padalisan kadua murwakanti jeung padalisan kaopat.

Anapon bédana Rararikan jeung Paparikan nyaéta lebah puhu padalisana. Dina Rarakitan mah kecap dina puhu padalisan kahiji (cangkang) dipaké deui dina puhu padalisan katilu (eusi), sarta kecap dina puhu padalisan kadua dibalikan deui dina puhu padalisan kaopat (eusi). Beunang disebut ogé yén Rarakitan mah puhu padalisana papak atawa sarua, teu béda ti rakit, ngaran kandaraan cai anu dijieun tina éntépan kai atawa awi.

Teu béda jeung Paparikan, Rarakitan ogé aya nu watekna “piwuruk” atawa “piwulang”, “silih asih” atawa “birahi”, jeung “sésébréd” atawa “banyol/heureuy”.

Piwuruk

Lain bangban lain pacing
lain kananga aduna
Lain babad lain tanding
lain ka dinya kuduna

Lamun urang ka Cikolé
moal hésé tumpak kahar
Lamun urang boga gawé
moal hésé barangdahar

Lamun urang ninun kantéh
ulah resep maké poléng
Lamun urang leutik kénéh
ulah resep ngomong goréng

Meunggeus diangir ku Jeungjing
geura ganti ku Kihiang
Meunggeus pelesir ti peuting
geura ganti ku sambéang

Mihapé sisir jeung minyak
kadé kaancloman leungeun
Mihapé pikir jeung niat
kadé kaangsonan deungeun

Mun engké mesék kalapa
pasti butuh ku cipati
Mun hadé ka indung bapa
pasti diasih ku Gusti

Masing asak-asak ngéjo
bisi tutung tambagana
Masing asak-asak nénjo
bisi kaduhung jagana

Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
nu guna dunya ahérat

Silihasih

Abong-abong abdi bonténg
seubeuh diacar diangeun
Abong-abong abdi goréng
seubeuh disangsara deungeun

Batur mah dibaju hideung
kuring mah kabaya baé
Batur mah dipikatineung
kuring mah sangsara baé

Daék sotéh ka Cinangka
ka Cisitu mah teu purun
Daék sotéh ka manéhna
ka nu itu mah teu purun

Hayang teuing buah hiris
teu bisa ngasakanana
Hayang teuing ka nu geulis
teu bisa ngakalanana

Ka mana nya nyiar payung
sakieu panas poéna
Ka mana nya nyiar duyung
sakieu panas haténa

Mun teu tulus ka paseukna
ka pacirna ogé hadé
Mun teu tulus ka lanceukna
ka adina ogé hadé

Sapanjang jalan Soréang
moal weléh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan

Sugan téh kukupu hideung
singhoréng sirama-rama
Sugan téh kukuh mitineung
singhoréng kamana-mana

Tibatan jalan gang buntu
mending gé ka Baros baé
Tibatan abdi dipalsu
mending gé teu cios baé

Sésébréd

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpun jéngkol
Aya rangda gogoakan
katinggang ku hulu kohkol

Ka mana nya nyiar kulit
hayang seubeuh sesewiran
Ka mana nya nyiar duit
kayang seubeuh pelesiran

Rarasaan melak cau
teu nyaho mun melak jahé
Rarasaan matak lucu
teu nyaho mun matak réhé

Rarasaan ngala mayang
teu nyaho cangkeuteuk leuweung
Rarasaan konéng umyang
teu nyaho cakeutreuk hideung

Majar manéh cengkéh konéng
kulit peuteuy dina nyiru
Majar manéh lengkéh konéng
kulit beuteung mani nambru

Sok hayang nyaba ka Bandung
sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
sok hayang nyaho nyentakna


Categorised as: Rumpaka Sunda


47 Comments

  1. mangjojo pok:

    neda widi di-copy kanggo diajar

  2. Ki Silah pok:

    sae pisan euy,,,,

  3. chineuleuketeuk thea pok:

    alah meni sae pisan lah !!!!!!!!

  4. Sindy pok:

    Conto rarakitan yang sangat bagus

  5. Ki Silah pok:

    hu’uh muni sae pisan sisindiran nana :wink:

  6. Ki Silah pok:

    Alus eung, :razz: :razz: meni hade lah..!!

  7. PHOEL pok:

    :neutral: euleuh-euleuh,,mani sae pisan…. :razz:

  8. Ki Silah pok:

    :lol: kerennn

  9. Ki Silah pok:

    Ucing belang numpak motor

  10. kamal pok:

    trus lah berkreasi lur.
    tunjukan pd dunia
    bahwa sunda itu ada

  11. aceng pok:

    :razz: saeee pisannnn
    sisindiran nana

  12. aceng pok:

    :grin:
    terussss buktikeun ka sa alam dunyaaa yenn basa sundaaa basaa nuu beungharr kubasa

  13. Ki Silah pok:

    :lol: :lol: LUCU KABEH EUY….

  14. Imaa Queen pok:

    thank U atoeh, Q jd bsa m’nyelesaikn tugas, hhhee

  15. Yeds pok:

    :lol: terus karyaken basa sunda na anu benghar ku ku bahasa

  16. Faiz pok:

    :lol: Makasih tugas jadi beres deh :lol:
    nuhun pisan rarakitanna na

  17. dwinur pok:

    aduh, nuhun pisannya jadi teuliyeur nyari” tugas jdi selesai dehhhh :lol: :mrgreen:

  18. Sarah Tsalissa pok:

    ih keren, thx u very much ya…! :) D :lol: :smile: :mrgreen:

  19. Selva pok:

    Waaww … alus alus ! Thankyu oke :wink:

  20. mukdas pok:

    hatur nuhun ah ya…

  21. Ki Silah pok:

    :neutral: nuhun jadina abdi teu lier hehehe

  22. Ki Silah pok:

    :lol: :lol: nuhun jadina abdi teu ngerjakeun tugas hehehehe

  23. Ki Silah pok:

    :lol: :lol: nuhun jadina abdi teu lier
    ngerjakeun tugas hehehehe

  24. Ki Silah pok:

    :grin: duh meuni aralus em

    :cry: tapi anu diteangan nana ewh janten puyeng aing mah

  25. dhila pok:

    :razz: duh meuni aralus

    :oops: tapi ewh ey anu di teangan nana :eek: :eek: :eek:

  26. ujang we ah pok:

    mani lalier eyyy dinten ahad t kmna-mna..

  27. petrov pok:

    :lol: makasih ya… ahirnya tugas bisa terselesaikan karena bantuan dari situs ini
    :smile:

  28. Ki Silah pok:

    anjeun meuni sae ny :sad: :sad:

  29. Ki Silah pok:

    bagus pisan uy…… :smile:

  30. muhamad afdalas fathulbari pok:

    ieu meni sae pisan :razz: mung aya anu lepat mun teu salah mah kedahna mah pangpung … hatur nuhun… ini bwt tgs SMA.. heheh

  31. lestari pok:

    thak you.a

    tugas abdi jnten bers nuhn nya. :wink: :smile: :???:
    ha..ha..ha..

  32. danz pok:

    thank you..

  33. bery sirait pok:

    :idea: sae pisan,, urang sunda! :oops: :razz: :lol:

  34. Kaka pok:

    :eek:
    hatur nuhun ,,
    alhmdulilah dina ayna ieu sim abdi tiasa ngarengsekeun tugas .
    Hehe

Kantunkeun Balesan

Serélék anjeun moal diuar-uar.

Anjeun tiasa nganggo tag-tag sareng atribut HTML ieu: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>