Guguritan; Tarjamah Alqur’an Juz Amma
Lain karangan uing; tarjamahan sawatara surat Alqur’an tina Juz Amma. Ngahaja dicutat, tina majalah pedalan 1982, keur arsip. Bongan majalahna geus ku rinyuh. Teu pati écés, saha anu parantos nganggitna mah. Da dina majalahna gé teu disebutkeun saha-sahana. Mungkin baé mangrupi sanggian dewan rumpakana, atawa boa anjeun mah uninga. Ieu tarjamahan téh ditulis dina wangun Guguritan atawa Dangding. Mangrupa puisi Sunda anu ditulis dumasar patokan Pupuh.
Pikeun para ulama Sunda (baheula), narjamahkeun atawa cindekna mah nafsirkeun Alqur’an ku cara modél kieu téh bisa jadi geus ilahar. Teu béda jeung nalika aranjeunna ngarang nadoman atawa pupujian. Mémang henteu unggal tarjamahan Alqur’an ditulis dina wangun Pupuh. Lianti aya anu ditarjamahkeun sacara harfiah, ogé aya nu ditulis dina wangun puisi bébas (henteu kauger), kawas anu kiwari katelah ku Nur Hidayahan téa.
Asana béda jeung anu kaalaman ku dunya sastra Indonésia. Apanan pada mafhum urang ogé, puitisasi Alqur’an anu dipokalan ku Muhammad Diponegoro, dina mangsana mah ningan kungsi jadi bahan polemik. Henteu dina alam sastra Sunda mah.
Here is Pupuh Sunda player. Your browser needs Flash plugin with Java Script enabled!
Surah al-Alaq [96]1-19 – SINOM
Geura prak ku manéh baca
kalawan asmana Gusti
Gusti manéh nu ngayuga
ngayuga sakabéh jalmi
tina saguruntul getih
hempék geura baca atuh
sabab Pangéran téh mulya
anu maparin wangsit
ngajar jalma perkara nu tacan terang
Hanjakal pisan hanjakal
manusa kaleuleuwihi
pada boga rasa kaya
umaku dirina sugih
padahal anu pasti
ka Pangéran manéh tangtu
kabéh bakal marulang
diri baris manggih pati
raga jalma baris kadatangan ajal
Geura prak ku manéh sawang
pikir kalawan taliti
kumaha jahatna jalma
nu jail jeung nyisikudi
nyarék jalma nu mibakti
sumujud ka nu Maha Agung
nu salat dihalangan
nu sambéang dirurujit
geura sawang kumaha pamanggih andika
Tapi mun seug manéhna
ngagugu pituduh Gusti
kana wangsit nu Kawasa
atawana nitah bakti
éta hadé geus pasti
ngan manéhna nganggap wadul
ngabalieus teu percaya
teu tumut ka Maha suci
lamun kitu nyata salahna kacida
Piraku mun teu nyaho mah
yén Gusti nu Maha Suci
Alloh téh Maha Permana
sing inget na ati
mun manéhna teu lilir
meureunan lampah mantangul
ku Aing rék ditongtak
jambul huluna dijingjing
dikekesek disiksa dihina-hina
Keun sina kokocéakan
gura-gero jurat-jerit
nyalukan batur-baturna
da hamo rék bisa budi
Jabaniah geus sumanding
ku Aing tangtu disaur
kadé pacuan manéh mah
nurut kanu tanpa budi
mangka sujud sing deuheus ka nu Kawasa
Surah al-Qadar [97]:1-5 – ASMARANDANA
Kula téh anu sayakti
geus nurunkeun éta Kur’an
dina peuting anu rinéh
peuting laélatul kodar
ari peuting nu éta
peuting anu leuwih alus
tibatan sarébu bulan
Sabab dina éta peuting
turun para malaikat
malaikat Jibril ogé
kalawan widi Pangéran
ngemban dawuh Kawasa
tawur salam dirgahayu
tepi ka balébat caang
Surah al-Jaljalah [99]1-8 – PANGKUR
Mangsa jagat sina oyag
génjlong geunjleung geder peter érawati
tinggeleger tingjelegur
eusi lemah diudal
kabéh jalma sili tanya pada batur
kumaha ieu kumaha
aya naon géjlong teuing
nya harita dibéjaan
yén pangéran manéh nimbalan ka bumi
sangkan jagat kudu lebur
harita kabéh jalma
tinglaliud tinglalimbung tingarabrul
rék ditémbongkeun amalna
kabéh kabukti kapanggih
Jalma anu hadé lampah
keur hirupna boh awéwé boh lalaki
sanajan sagede kebul
pinasti diganjarna
kitu deui amal goréng timbang kebul
pasti nampa wawalesna
bukti ka panggih ku diri
Surah al-Takatsur [102]:1-8 — KINANTI
Lakuning paunggul-unggul
nungkulkeun maranéh pasti
reureuh mun geus muak logak
padahal éta mah lain
lain bagja anu enya
bakal nyaraho pinasti
Bakal nyaraho tinangtu
yén lain éta mah lain
éstuning hadé kacida
lamun seug maranéh ngarti
bari nyaho anu enya
ngartina kalawan yakin
Maranéh bakal nénjo tangtu
bulakna naraka jahim
nénjo moal nginjeum mata
katénjo kalawan yakin
nya harita dipaksa
sugri kanimatan diri
Surah al-Ashr [103]1-3 — KINANTI
Omat perhatikeun waktu
sabab kabéh jalma rugi
iwal jalma nu iman
tur amal soléhna bukti
jeung nu sili wasiatan
ku bener jeung tahan uji
Surah al-Humajah [104]:1-9 — SINOM
Naraka Wél geus sayaga
pitempateun jalma pedit
ngahina tur numpuk banda
harta diitung diuji
sangkaanana geus pasti
hartana téh bakal mampuh
ngalanggengkeun hirup senang
padahal mah geus pinasti
dibalangkeun kana Hutomah disiksa
Naha andika geus terang
kana Hutomah geus ngarti
éta téh naraka Alloh
nu ngabulak matak gigis
gebos tembus kana ati
Hutomah ngagedur hurung
ngarungkup ka si doraka
diri nandangan tatali
diborogod dina pancuh anu panjang
Surah al-Fil [105]:1-5 — ASMARANDANA
Na teu nyaho kapan Gusti
numpurkeun Tentara Gajah
ku Anjeuna dipepejét
kalangsu Tentara Gajah
mubah tipu dayana
katalimbeng sina linglung
kersa nu Maha Kawasa
Manuk rabeng ing wiati
diutus ku nu Kawasa
sina nalénggoran baé
baladna Tentara Gajah
ku batu ti naraka
tumpur ancur lebur ancur
lir daun dihakan hama
Surah al-Quraisy [106]:1-4 — MASKUMAMBANG
Keur bangsa Kurésy mah geus tali paranti
lunta ti nagara
keur halodo boh keur ngijih
lunta dina saban mangsa
Kuduna mah maranéhna téh gumusti
ka nu murbéng Ka’bah
méré dahar keur salatri
méré tengtrem keur sieun mah
Surah al-Ma’un [107]:1-7 — PUCUNG
Naha manéh nyaho ka jalma nu gejul
teu kana agama
yatim henteu dipaliré
tara daék nitah marab nu malarat
Naraka Wél dicawiskeun enggeus tangtu
keur nu sarambéang
nu salatna haré-haré
pamrih puji jeung embung tutulung pisan
Surah al-Kautsar [108]: 1-3 — ASMARANDANA
Kami mah anu sayakt
ka manéh téh geus bro-broan
méré sugrining nu hadé
geura prak salat sambéang
jeung kurban karana Alloh
jalma nu ka manéh giruk
pugu ka turunana
Surah al-Lahab [111]:1-5 — WIRANGRONG
Abu Lahab jadug Kapir
wewesen coplok morolok
tarékah jeung harta numpuk
taya bélana saeutik
rék dibeuleum di naraka
seuneuna ngabulak-bulak
Bojona kitu deui
manéhna mo bisa lolos
bongan sok ngagandong suluh
nyuluhan nu goréng ati
dina tarang ngagnteng tambang
bahana téh tapas korma
Surah al-Ihlas [112]:1-4 — KINANTI
Andika geura micatur
yén Gusti Alloh ngan hiji
pamuntangan blaréa
henteu putraan geus pasti
sumawona ibu rama
saurang taya nu sami
Surah al-Falaq [113]:1-5 — KINANTI
Ucapkeun abdi nyalindung
ka Gusti nu Mulamanti
murbéng alam cakrawala
muga dijaring diaping
tina mahluk nu jarahat
jeung peuting mangsa jumempling
Jeung mamala tukang tiup
niup cangreudan ku sihir
reujeung kajahatan jalma
nu jail nu sirik pidik
mangsana rék nganiyaya
alatan ku panas ati
Surah al-Nas [114]:1-6 — KINANTI
Ucapkeun abdi nyalindung
ka nu Murbéng kabéh jalmi
Rajana kabéh manusa
sembaheun jalmi geus pasti
tina gangguan si Honas
salawasna ngintip demit
Sok nyusup kana jajantung
ngaharéwos jero ati
nyasar mamarasna rasa
panggoda sétan idajil
dua rupa musuh jalma
nu ébréh reujeung nu demit
Categorised as: Rumpaka Sunda
Nuhun, sae pisan katampi…
Nuhun…..
Hatur nuhun tetela geuning ki sunda teh pepek,bennghar sagala boga lebar teuing lamun pada ngantep,hayu atuh urang mumule basa sunda teh ku salarea
Ckeukeukeuk….